Rabu, 28 Desember 2016

Wawacan


1.      Wawacan Regganis
Ngagambarkeun kahébatan raja jeung prajurit Arab nu ngageum agama Islam ngéléhkeun raja-raja nu kapir, nu sanggeus taluk jadi muslim.
2.      Wawacan Darmawulan
Nyaritakeun Puteri Brawijaya di Karajaan Majapahit anu ngarana Déwi Kencana Wungu ngawaris tahta karajaan kalawan gelar Prabu Kanya Ayu Kencana Wungu.
3.      Wawacan Layang Muslim Muslimat
Eusina sastra kagamaan ngeunaan bebedaan istilah wajib jeug fardu, solat 5 waktu, 4 rupa napsu, rukun Islam, rukun Iman, 4 kitab, 4 amal, carita Nabi Adam jeung Siti Hawa diturunkeun ka alam dunya, jeung jumlah poé dina saminggu.
4.      Wawacan Batara Rama
Anggitan R.A.A Martanagara, asalna tina carita India, Ramayana. Dina wangun carita pantun, eusina nyaritakeun anak-anak Batara, Ramayana.
5.      Wawacan Rusiah Nu Kasép
Ngagambarkeun lalaki kasép, turunan ménak, anu meunang jodo ka istri binangkit. Tapi, resep nyolowédor jeung awéwé.
6.      Wawacan Mintaraga
Dumasar kana carita Arjuna Wiwaha, Arjuna nu keur tatapa di gunung, digoda ku tujuh widadari, kusabab dina tatapana geus mepet sakabéh indra tujuh, jadi katujuh widadari éta teu bisa kukumaha. Arjuna nu panteng tatapa geus “mati raga”
7.      Wawacan Iman, Élmu, Reujeung Amal
Anggitan Ba’ing (H.Mardjoeki). Wawacan ieu ngeunaan Agama Islam. Ba’ing ngajarkeun jeung nglaksanakeun tarékat Naqsyabandiah, nu dibaca kitab Syarussalikin.
8.      Wawacan Purnama Alam
Nyaritakeun putra raja nu kasép, nu ditenung jadi arca sarta diteundeun di guha racun Pajarangan di nagara Tolongtelengan di puseur bumi, nyaéta Purnama Alam. Putri jin di nagara Tolongtelengan, kapincut ku kakasépanana, tapi Purnama Alam nikah jeung putra guruna, Déwi Kania. Wawacan ieu téh mangrupa carita perlambang hirup manusa.
9.      Wawacan Wayang Purwa
Dianggit ku M. Winatahardja dumasar kana pakem Tegal numutkeun dalang Djaja Atmaja. Jeung dumasar kana carita wayang kanda Tegal.


10.  Wawacan Rasiah Pariangan

Nyaritakeun kajayaan nagri Bandung, kusabab gaduh pamingpin anu alus sagala sikapna, taat ibadahna, sareng gaduh kakayaan nu bisa dibabagi, pokona bisa jadi conto. Pamingpin éta nyaéta Kanjeng Adipati Wiranata Koesoema. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar